19.5.15

Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Tuah Batu Akik








Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Tuah Batu Akik
Tuah Batu Akik
Prian Alfan

Adegan 1
Di gubuk tua aya saurang lalaki miskin, diuk di teras bari ngalamunken nasib kaluargana. Laler hiber si  lalaki newak terus diemam. Aum. Enak euy! Terus aya nyiruan, eenng...
Syarif : eum, haduh lada euy, hoak (muntah)
Terus ngalamun deui. Nyapa panonton.
Syarif: Panonton... Woy.... Panonton.... sarepi pisan. Maenya kudu ku bahasa gaul Halo Bro, sista, ma men...
Penonton: Halo
Syarif : Nah kitu atuh. Yeuh, sing kuring bade cumarita. Tapi punteun nya bahasana bade campur, alias gado-gado. Aya nu lemes, nu kasar. Kenalkeun, nami kuring Syarif, tapi duka ku naon sok dilandi si saraf. Duka lah, pusing pokok na mah. Kuring boga pamajikan ngaranna Euis, tapi di landi si denok. Terus aya anak, nu kahiji si neneng, kadua si nunung.
Duh, penonton, kuring nuju baringung yeh. Batur mah mani di baratu akik teh sapuluh, tina jempol ka cinggir, kuring mah henteu hiji-hiji acan. Nasib-nasib. Iyeu dompet gen mani eweuh duit saetik-etik acan. Huhu.
Jeng deui yeh, baheula mah si denok teh geluis kabina-bina, kembang dusun Cipirihi, naha ayeuna mah mani goreng patut, manyun ben jeung manyun.

Adegan 2
Istri syarif asup, ngabetahkeun.
Denok : Heyah. Akang nuju ngobrolkeun nyai nya?
Syarif : nenek gayung, jurig, eh. Nyai. Nyai.
Denok : Istigfar kang istigfar
Syarif : Astagfirullah, nyai. Suganteh saha. Akang mani reuwas yeuh... Aya naon sih?
Denok: Iyeu kang, denok tekh bade ngawartosan, beas tos seep, uyah tos ledis, listrik parem, komo artosmah mani blong, teu aya sakedik-kedik acan
Syarif: Maenya atuh nyai?
Denok: Enya atuh pak, jig tingali nyalira alias sorangan!
Syarif: Lah, akang mah moal mikirkeun nu kitu. Masalah beas nu kitu mah urusan Pak Jojowow!
Denok : Eh pak! Enging nyebat Jokokow bisa dianggap penghinaan! Tuh aya bapak hansip engke dibui ka nusa kambangan.
Syarif: Maenya?!
Denok: Enya kang! Yeuh. Kie kie gen nyai teh gahol! Sok buka internit!
Syarif: Internet mereun!
Denok: Tah eta! Menurut berita di internet, aya peraturan mentreri, pami nyauran presiden teh teu sambarangan, kedah yang terhormat presiden Indonesia, Bapak Joko Widodo. Enging Jokokow!
Syarif: Oh punteun atuh nyak pak hansip. Da jokowow teh maksadna Jokowi yang Wow. He. Pan hebat yang terhormat Presiden Indonesia bapak Joko Widodo mah gaduhen kartu sakti.
Denok: Kartu sakti?!
Syarif: Enya panan, kartu indonesia pintar, kartu indonesia sehat, kartu indonesia sejahtera. Ngan hanjakalna can aya kartu nu dipikahoyong ku akang.
Denok: Kartu naon eta teh kang?
Syarif: Kartu Indonesia Sebeuh.
Denok: Kartu indonesia Sebeuh?
Syarif: Leres. Jadi ku kartu eta, tuang di mana baegen gratis, asal gaduh kartu.
Denok: Sok lah, engke mun akang jadi presiden damel, sakalian karu indonesia cantik, amih nyai tiasa medicure, pedicure, dicukur, dibanjur, tigejebur.
Syarif: Aeh aeh ari nyai. Lah pokona mah, masalah beas mah tong khawatir. Nu penting mah batu ali?
Denok: Naha batu ali? Pan penting keneh sangu.
Syarif: Yeh nyai, teu di batu ali, jaman ayeuna mah disebut te gahol. Cenah disebut monyet, terus disebut sasalaman ku suku. Uh, sakitnya tuh, sakit...
Denok: Di mana?
Syarif: Sakitnya tuh di sini di dalam hatiku. (Nyanyi)
Denok: Eeuh ari si akang.

Adegan 3
Sang anak bungsu masuk.
Nunung: Assalamu alaikum, bapak oh mamah
Syarif & denok: Waalaikum salam.
Denok: Ka lebet geulis. Aya naon?
Nunung: Ieu mah, tadi rerencangan tos ngaji mareser baso unyil, cireng, basreng, teng-teng, cilok, cimol, otak-otak, maenya nunung henteu. Da teu gadung acisna.
Denok: Cobian uken artos ka bapak.
Nunung: Pak, uken artos pak, uken lah..
Syarif: Aduh neng gelulis, sanes bapak pelit bin bakhil, merege hese cap jahe, sanes, tapi ampun paralun bapa teh teu gaduh artos sakedik-kedik acan. Eum, tapi cuang pariksa. (Memeriksa dompet, saku, dan sendal, eh aya 500)
Syarif: Eh aya ketang 500, lumayan jeng meser cilok sagorohol.
Nunung: Atuh moal cukup pak. Mah kumaha mah.
Denok: Nya entos, cuang nganjuk deui be lah...
(Denok dan Nunung pergi ke warung)

Adegan 4
Syarif: Ah si nyai mah. Malah indit, pan akang teh hoyong kopi. Ah cuang nyauran si neneng. Neng, neneng...
Neneng: Aya naun bah...
Syarif: Ieu abah pang ninyuhkeun kupi.
Neneng : Uhun bah.
(Menyipakan kopi)
Syarif rewas ningali kupi na teu can ditinyuh.
Syarif: Neng, naha can ditinyuh?
Neneng: (Nyanyi) Tak selamanya kopi itu diseduh. Nyatanya hari ini tak diseduh. Harganya Cuma seribu.
Syarif: Euleh-euluh si eneng mani kukituna.
Neneng: Da kumaha deui Bah. Cai namah aya bah. Ngan gas kanggo ngagodok caina seep.
Syarif: Aduh, aya-aya bae.
Neneng: Bah, bah...
Syarif: Aya naon neng geulis
Neneng: Iyeu bah. Batur mah tos garaduheun HP sae, emblek berry, atawa ngandorid, neneng mah boro-boro, hp jadul.
Syarif: Wios atuh neng, asal tiasa smsan sareng teteleponan
Neneng: Ah pak, smsan nagen tos hese. Kiped na rusak. Terus neneng gen hoyong jiga batur tiasa internitan. Meser facebook, twitter, pateh, dll pokokna mah.
Syarif: Nya atuh kumaha deui neng geulis.
Neneng; Usaha atuh usaha pak!
Syarif: usaha naun atuh neng.
Neneng: Naun ben asal halal. Cuang milarian batu ben yu pak. Cuang ka lebak.
Syarif: Hayu atuh. Bapak samangat pisan. Mudah-mudahan menang batu akik.

Adegan 5
(Syarif dan Neneng indit neangan batu akik ka lebak)
Syarif: Tah, tos dugi yeuh. Cuang milarian batu.
Neneng: Siap pak! Ieu pak!
Syarif: Sanes atuh ieu mah. Ieu mah batu bata
Neneng: Owh muhun...

(Mereka terus asyik milarian batu, dugi keinging saember)
Syarif: Tos kenging saember yeh neng.
Neneng: Uhun pak, hayu atuh cuang urang ical
Syarif: Hayu atuh, cuang ka mang Jueng.

Adegan 6
Syarif: Jueng oh Jueng, kuring boga batu yeuh!
Jueng: Batu naon atuh Kang Saraf!
Syarif: Cobi ben pariksa (nyodorkeun ember)
(Jueng mariksa ember)
Jueng; wah iyeu mah batu biasa, ieu ogen...
Neneng: Aduh Bah, mang batu biasa sadayanya bah
Syarif: Duka atuh neng...
Jueng: Eh kela-kela, ieu batu alus yeuh... batu macan...
Syarif: batu macan (Bacan)? Sabarahaan kira-kira mun dijual?
Jueng: Wah iyeu mah sapuluh juta gen laku atuh Kang Saraf!
Neneng: Alhamdulillah... Tiasa meser emblek beri yeuh.
Syarif: Sip. Ayeuna geroan ambu jeng si nunung.
Neneng: Siap Bah!
(Neneng memanggil ambu dan Nunung)
Syarif; Beneran 10 juta yeuh...
Jueng: Bisa atuh Kang Syaraf. Bacan.

Denok: Alhamdulillah. Bah, saurna kenging 10 Juta tina batu. Leres bah .
Syarif: Uhun Nyai. Alhamdulillah. Tiasa meser beas yeuh, alatan tuah batu akik.
(Mereka semua sujud syukur)

Sakitu nu kapihat ti kelas 7 B. Hikmahna, sakumaha kaunggel dina alqur’an: saestuna Allah moal ngaubah nasib hiji kaum sahingga kaum eta nu ngaubah nasibna. Kukituna hayu usaha. Usaha yu lur.... Ulah ngalamun hungkul!

Artis:
Syarif : Sarpin
Denok : Aning
Nunung : Amni
Neneng : Ardina
Mang Jueng : M. Masir

Pami manfaat, bantosan share (bagikeun) kanu sanes.
Sakitu bae Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Tuah Batu Akik

Info CPNS PPPK 2019 & Pelajaran Bahasa Indonesia

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...